Bahasa Puisi

Sajak Kita Puisi Merindu

Contoh Pidato Kebersihan Bahasa Sunda

by Catatan Cand, Saturday, January 10, 2015
silahkan membaca
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Contoh Pidato Kebersihan Bahasa Sunda
Contoh Pidato Kebersihan Bahasa Sunda

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Publisher by Muhamad Ramli Terimakasih
Contoh Pidato Kebersihan Bahasa Sunda
Contoh Pidato Kebersihan Bahasa Sunda - written by Catatan Cand , published at Saturday, January 10, 2015, categorized as Kumpulan Pidato
Comment disabled

Popular Posts

Kontak

Name

Email *

Message *

Copyright ©2013 Bahasa Puisi by
Theme designed by Damzaky
Powered by Blogger
-->